Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi
![]() |
| Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi |
(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina kasus korupsi dana haji, bisa nganyerikeun haté masarakat anu salila ieu méré kapercayaan jeung harepan ka KPK. Kitu nurutkeun Ade Irawan, ti Divisi Korupsi Politik Indonesian Corruption Watch (ICW), basa dihubungi ku Hasanudin Aco, wartawan TribunNews di Jakarta, Senén (26/5/2014).
Nurutkeun Ade, batan mojokkeun KPK, kuduna Prabowo Subianto leuwih konséntrasi meresihan tim kampanye ti para koruptor. Kanyataanna mémang réa ngaran-ngaran di tim Parpol nu ngarojong Prabowo Subianto, anu ngajiret kasus dugaan korupsi. Prabowo maju salaku bakal capres anu dirojong ku koalisi genep partai politik, nyaéta Partai Gerindra, Partai Amanat Nasional (PAN), Partai Persatuan Pembangunan (PPP), Partai Keadilan Sejahtera (PKS), Partai Golkar, jeung Partai Bulan Bintang (PBB).
Salila ieu, mémang réa elite ti parpol anu jadi target KPK. Misalna ti Golkar, diduga aya Priyo Budi Santoso, Setya Novanto, jeung Idrus Marham. Ti PAN, ngaran Ketua Umum jeung bakal cawapres Hatta Radjasa kungsi dipariksa dina kasus dugaan korupsi hibah KRL urut ti Jepang. Ti PPP, sajabana Suryadharma Ali, kasus korupsi haji ogé diduga ngalibetkeun Hasrul Azwar. Atuh ti PKS, anu masih kalibet perkara dugaan suap impor sapi anu dibongkar KPK, sarta kiwari masih diprosés di Pengadilan Tipikor. Kaasup Ketua Umum PBB, MS Kaban ogé sarua dicekal jeung sering disebut keur nunggu status tersangka dina kasus dugaan korupsi proyek di Kementerian Kehutanan.
Ade Irawan nétélakeun, ti sawatara taun katukang, ICW sabenerna geus ngalaporkeun kasus dugaan korupsi haji di Kementerian Agama. Kiwari, KPK terus ngumpulkeun bukti jeung fakta anu patali jeung éta kasus.
Basa Praboro nganjang ka imahna pengusaha Hary Tanoesoebidjo, di Jakarta, Kemis (22/5/2014), Prabowo Subianto nétélakeun yén aya ditéwakna Surya Dharma Ali ku KPK ngandung pulitis. "Sacara pribadi, kuring teu percaya SDA salah. Kuring miharep sangkan ieu kasus henteu dijadikeun alat pulitik," kitu pokna Prabowo.***
