Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening
Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening
(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014,  beuki mancegkeun institusi BUMN milik Pemkot Bandung. Nyatana  PDAM Tirtawening.
Parobahan anu utama palebah  gedéna  modal Pemkot Bandung pikeun bubutuh PDAM Tirtawening, nyaéta anu asalna  Rp 200 miliar jadi Rp 2 triliun.  Nurutkeun Ketua Pansus II DPRD Kota Bandung, Eko Sesotyo, pengajuan nambahan modal  tetep baris ditingali sacara objektif. Upama kasawang  rasional, tangtu bakal disaluyuan.
“Sanggeus dibahas, antukna disahkeun ngaluarkeun modal dasar anu tadina Rp 200 miliar jadi Rp 2 triliun. Kasapukan  modal nepi ka Rp2 triliun téh dumasar  kana komitmen PDAM pikeun ngundakeun pelayanan. Sumber pendanaan ogé henteu saukur tina APBD Kota Bandung, tapi bisa ti bantuan pamaréntah pusat atawa Pemprov Jabar,” kitu ceuk Eko, basa diajakan ngawangkong ngaliwatan telepon.
Masih nurutkeun Eko, bantuan modal henteu  bisa langsung dipasrahkeun ka  PDAM, tapi kudu ngaliwatan Pemkot Bandung. Modal dasar dina raraga nyumponan  kawajiban pelayanan, kaasup target MDG’s 2015, anu nargétkeun cakupan pelayanan cai nginum  nasional kudu bisa ngahontal  80 persén.
“Salila ieu  PDAM Tirtawening katétéran nyumponan bubutuh cai nginum warga Kota Bandung. Sapoéna, warga ngabutuhkeun 5.000 léter per detik. Ari produksi cai nginumna ukur 1.600 léter per detik dina sapoéna. Tacan deuih  kabocoran 800 léter per detik,” kitu pokna.
Di sisi séjén, PDAM Tirtawening nargétkeun dina taun 2015 cakupan layanan cai beresih pikeun warga Kota Bandung kudu ngahontal 90 persén. Hal penting séjénna tina pengesahan éta perda téh diantarana  tata cara ngabentuk jajaran direksi kudu sapakét. PDAM miboga opat direksi, nyaéta Direktur Utama, Direktur Umum, Direktur Air Minum, jeung Direktur Air Limbah.  Kiwari, téknis jeung prosedur ngajenengkeun direksi sapaket,  kudu babarengan diangkat jeung dieureunkeun ku Wali Kota.
Saméméh pengesahan, Tim Pansus II geus ngayakeun studi banding ke Tabanan, Bali pikeun ngawewegan  asumsi ngeunaan  bahasan éta modal. Alesanana, PDAM Bali dianggap geus bisa nyumponan bubutuh cai beresih 85 persén ka wargana kalayan sumber caina tina waduk jeung tilu walungan.
Kauntungan Pikeun BUMD
Direktur Utama PDAM Tirtawening Kota Bandung, Pian Sopian, nétélakeun yén undakna  modal jadi tarékah pikeun ningkatkeun  cakupan pelayanan nepi ka 80 persén tina kiwari anu kakara 70 persén.
Nurutkeun Pian, perkara ieu téh jadi sabangsa  wadah anu nampung rupaning bantuan ka PDAM. Jadi, kiwari anggaran pikeun nyumponan bubutuh rupa-rupa program PDAM bisa kacumponan kalayan henteu kawatesan ku  jangka waktu, lantaran gumantung  kana kamampuh Pemkot Bandung.
Pian ogé ngaprésiasi kana éta regulasi,  lantaran PDAM Tirtawening Kota Bandung kiwari dimeunangkeun boga usaha dina séktor séjén, anu bisa ngarojong  bisnis utama. Loba asét taneuh anu bisa dipigawé babarengan jeung  pihak séjén sangkan bisa ngahasilkeun.
“Upama layanan tacan bisa ngahontal  80 persén, kauntungan PDAM pikeun Pemkot Bandung bakal dipulangkeun minangka  reinvestasi,” kitu ceuk Pian, kalayan nétélakeun  yén Raperda Parobahan ogé  bisa baé ngalantarankeun BUMD ngayakeun panyaluyuan tarif sacara otomatis, diluyukeun jeung  kondisi inflasi. ***