Panineungan Méwékna Akil Mochtar
Harita, basa Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK) nyerek Akil Mochtar, poé Rebo (2/10/2013) wanci peuting, Akil Mochtar téh méwék tur ménta sangkan tim KPK ulah mawa manéhna ka Gedong KPK. Coba éta Ketua MK nepi ka méwék kitu, hartina meureun boga kénéh ari rasa éra mah. Atawa lain perkara éra-éra teuing meureun, pédah éta moal bisa mahugi deui ka artis. Gayana wé méréan duit ka artis, pupujieun, bari ngagunakeun duit ladang suap. Haduh, Akiiil, Akiil…. Meni taya kapeundeul sakitu geus cetuk huis téh.
Akil Mochtar dicerekna di Kompleks Widya Chandra Nomor VII, Jakarta Selatan, kira jam 21.30 WIB. Basa harita ditéwak, tim KPK manggihan duit dina wanda dolar Singapura anu jumlahna lamun dirupiahkeun mah kira-kira Rp 2-3 miliar. Éta duit téh haneut pisan kakara dipasrahkeun ku DPR, Chairunnisa jeung saurang pengusaha ka Akil. Enya, suap téa kapan. Meni araruduh éta duit miliaran.
Tina kacerekna Akil, KPK langsung ngudag deui buronan ka Hotel Red Top, Jakarta Pusat, nyerek dua urang pejabat séjénna, nyaéta Bupati Gunung Mas, Hambit Bintih jeung saurang bawahanna di Pemkab Gunung Mas, Dhani.
Jadi, ditéwakna Akil téh bukti pisan patali jeung sengkéta Pilkada Kabupaten Gunung Mas, Kalimantan Tengah anu lumangsung 8 Mei 2008. Tah, dina éta Pilkada, taya hiji ogé calon anu nyumponan sora 30 persen. Tanggal 19 Mei 2008, KPU Kabupaten Gunung Mas geus netepkeun rékapitulasi hasil perhitungan sora pilkada Kabupatén Gunung Mas. Tina lima pasangan calon, aya dua pasangan calon anu kacirina beubeunanganna teu pati géséh, kalayan nempatan posisi kahiji jeung kadua. Anu pangréana nyaéta pasangan Hambit Bintih jeung Arton S Dohong anu meunang 12.806 sora awata atau 29,14 persen tina jumlah sora anu sah, sarta pasangan Julius Djudae Anom jeung Limhan T Assau anu meunang 12.452 sora atawa 28,34 persén tina jumlah sora sah. Hambit-Arton ditetepkeun jadi Bupati jeung Wakil Bupati Gunung Mas.
Tah, dina Pemilukada 2013 ogé, deui-deui kudu diréngsékeun di tingkat Mahkamah Konstitusi. Tur ahirna katohyan Hambit Bintih kong kalingkong jeung Akil. Nya puguh atuh perelu dibérok kabéhanana ogé.
Geus, jep, jep, ulah méwék, Akil! Ayeuna mah kari sanghareupan hirup di jero pangbérokan. Ngan wayahna meureun moal bisa dihibur deui ku artis-artis nu sok dipahugi téa. Tah, barudak, bisi hayang apal conto aki-aki tujuh mulud téh nya cocok pisan Akil Mochtar nyumponan pasaratan.